Selasa, 08 Maret 2016

Wawangsalan

 Wawangsalan nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. (su.wikipedia.org)

Wawangsalan adalah semacam jenis sisindiran yang terdiri dari kulit dan isi. Sisindiran itu perkataan yang ‘dibungkus’ (hadooh diksinyaa), terkulum sehingga jadi tugas kita untuk membuka kulitnya dan menebak isinya. Yang disebut ‘wangsal’, dicari dan ditebak dari bagian isinya, yang biasanya berbunyi selaras dengan sebuah suku kata yang berada di bagian isi. Setiap baris hanya diisi dari delapan buah suku kata.

Macam-macam wawangsalang :

1. Abdi mah caruluk Arabhenteu tarima téh teuing = korma

2. Abdi téh sok ngembang kawung
inggis teu ngareunah teuing = pengis

3. Abdi téh kapiring leutik
kaisinan ku gamparan = pisin

4. Abdi ti ménak ka somah
gamparan mah ieu aing = umaing

5. Ajag désa basa Jawa
lesuna teu aya tanding = asu

6. Ajag lembur Indramayu
naha bet kalangsu teuing = asu

7. Ajag lembur lamun engkang
énjing henteu wangsul deui = anjing

8. Alun-alun paleuweungan
gagal temen mun teu jadi = tegal

9. Anak beurit dina katung
kapan endén mundut encit = buncit

10. Anak munding masih nyusu
aduh endén buah ati = énéng

11. Anu siram kokojayan
abdi pamoyokan badis = ngoyok

12. Angeun somah pakampungan
kajeun bedo ti kamari = bodo

13. Areuy leuweung mérang daun
ulah sok japilus galih = pulus

14. Aringgis sok nyatang bolang
kapongpongan siang wengi = lompong

15. Asal hiji jadi dua
temah matak sesah ati = walimah

16. Awi ngora téh jaradi
temah matak jadi liwung = iwung

17. Aya nu dianjang cai
aya nu dihéroan = séro

18. Aya mesin bisa ngapung
kapidara diri abdi kapal = udara

19. Ayeuna gé sérah tegal
engkang mah sok matak peurih =eurih

20. Baku sok ngalebu badag
reueus keur sareng jeung istri = areng

21. Balandongan ngujur jalan
sok hayang geura los indit = elos

22. Balé diréka masjid
nya pikir bati rumajug = tajug

23. Bangkong lodor meuntas jalan
titis tulis bagja awak = bayawak

24. Bango héjo hérang jangjang
piraku engkang ka abdi = merak

25. Bango leutik bodas hulu
mo samar ka diri abdi = camar

26. Baréto gé batur pirus
juragan geuning pelekik = akik

27. Batuk eungap hésé damang
saé sumping baé wengi = mengi

28. Béas ditutuan deui
Iraha atuh patepung = tipung

29. Bedil langit handaruan
engkang sapertos kalinglap = gelap

30. Bedog urang Darmaraja
kawantu abdi mah miskin = sekin

31. Belut sisit saba darat
kapiraray siang wengi = oray

32. Bendi panjang roda opat
ulah kalah ka Carita = kareta

33. Béntang baranang di imah
samar bisa tepung deui = darma

34. Bedug wedalan Eropa
abdi teu asa dipuji = tanji

35. Beulit cinggir simpay réma
ulah lali ka sim abdi = ali

36. Beunying leutik sisi cai
ari ras sok cimataan = amismata

37. Beusi bodas cingcin kecrik
cumah baé dipicinta = timah

38. Biasa ngadodol gula
abdi henteu dipaduli = gulali

39. Bibika tipung tarigu
ku engkang tacan kaharti = roti

40. Buah kawung raranggeuyang
curuluk cisoca bijil = caruluk

41. Bulu panon wates taar
itu nyai mani geulis = halis

42. Cacangkir bahana beling
masing welas lahir batin = gelas

43. Cakcak gedé kadal bilik
ulah dipaké mokaha = toké

44. Careuh beureum pasawahan
nu dusun leuwih ti misti = lasun

45. Cariang beureum beutina
nya pikir bati arewuh =

46. Catetan bulan jeung taun
juragan ménak utami = almenak

47. Cau gedé ngan sasikat
taya teuing bagja diri cau = bagja

48. Cék lémék Jawa sumuhun
hayang téh ulah kapanggih = enggih

49. Cikur jangkung pamuraan
kapalay siang jeung wengi = panglay

50. Cisusu kentel dimasak
ulah téga-téga teuing = mantéga

51. Cucuk basa Malayuna
duriat henteu laksana = duri

52. Dadampar di pagulingan
alim ka nu kirang surti = kasur

53. Dagangan pangrapet surat
mun kitu abdi mah alim = lém

54. Daun kasap kosok méja
tobat ulah nolas teuing = hampelas

55. Daun tuhur na tangkalna
sok rus-ras ka nu teu aya = kararas

56. Désémber tangtu ditéma
geulisna lir widadari = Janwari

57. Deukeut-deukeut anak taleus
nyangkéwok teu kanyahoan = téwok

58. Di Cikajang aya gunung
asa paturay jasmani = Cikuray

59. Dodol gula digolongan
nu hina kaluli-luli = gulali

60. Dudukuy panjang gagangna
pikir bati ngalanglayung = payung

61. Dukun tukang ngemat héwan
abdi mah ku alim teuing = malim

62. Ékék lembut pupuntiran
tingsérédét kana ati = cécéndét

63. Enggeus ka palupuh nangtung
ayeuna geus kapimilik = balik

64. Engkang téh ngajukut laut
seger mun tepung jeung nyai = ager

65. Gagang caruluk karadak
pantes mun rék dinyenyeri = langari

66. Gamparan mah sangu atah
keur ménak kawuwuh sugih = gigih

67. Gedang atah keur lumayung
engkang mah jelema ginding = gumading

68. Gedong luhur panénjoan
narah keur saheulaanan = munara

69. Gedong ngambang di sagara
kapalang geus béla pati = kapal

70. Gedong ngambang tengah laut
ulah kapalang nya béla. = kapal

71. Gedong tempat nu titirah
ulah sok reueus binangkit = rumahsakit

72. Hayam cempa lalayaran
matak teuing nyeri ati = meri

73. Hayam sawah dipiara
abong kanu apes diri = meri

74. Hayam tukung saba gunung
uyuhan teuing nya diri = puyuh

75. Hiris ngora deungeun sangu
abdi mah kapok téh teuing = kapokan

76. Hui bulu réa akar
bongan sok rayungan teuing = kamayung

77. Imah leutik tempat ngaji
teu asa ngalanggar cegah = langgar

78. Imah ngambang di sagara
ulah kapalang nya bela = kapal

79. Indung kuar hama sirah
nu kitu ulah digugu = kutu

80. Insuting ngadaun luhur
ari ras ka diri abdi = kararas

81. Isuk basa Malayuna
tangtos abdi rék sayagi = pagi

82 Jagong tuhur beunang ngunun
dunungan bagéa sumping = emping

83 Jalaran bibit kalapa
isin da abdi mah santri = kitri

84 Jampana bugang dadakan
panasaran diri kuring = pasaran

85 Jati leutik jagong ngora
dodolog kirang utami = semi

86 Jawadah tutung biritna
sacarana-sacarana = cara

87 Jukut jangkung pipir gunung
haté abdi panas peurih = eurih

88. Kacang panjang disayuran
bati ngageremet ati = gemet

89. Kacang panjang gagabengan
sakieu darajat kuring = jaat

90. Kacang jangkung leutik daun
engkang mah satria raris = hiris

91. Kadal gedé saba darat
pareng alus bagja awak = bayawak

92. Kadeuleu langir caina
kayap-keyep anu geulis = keuyeup

93. Kalapa bakalan minyak
nu ampuh titis raspati = cipati

94. Kalong leutik saba gedang
sumedot rasaning ati = cocodot

95. Kararas daun kalapa
teu aya nu ngabangbrangkeun = barangbang

96. Kasintu di sisi situ
nu hayang kawanti-wanti =

97. Kauntun tipung katambang béas
laksana meunang ijasah = laksa

98. Kebon paré dicaian
siwah niat jalir jangji = sawah

99. Kembang biru di astana
abot pisah jeung kakasih = salasih

100. Kembang bodas buah bunder
ngaheruk nya pipikiran = jeruk

101. Kembang jambé kara beukah
kumayangyang pikir abdi = mayang

102. Kendang gedé pakauman
dagdigdug rasaning ati = bedug

103. Kertas kabur kaanginan
kumalayang pipikiran = langlayangan

104. Ketuk leutik panayagan
ka abdi mah ningnang teuing =bonang

105. Keuyeup gedé saba laut
teu hadé liar ti peuting = kapiting

106. Koja awi dihuaan
sageuy lamun teu kasorang = korang

107. Kokotor saluar awak
da sanés rek hiri dengki = daki

108. Kota kuloneun Lampegan
purah-purah tunggu bumi =

109. Kulit teuas tungtung ramo
baku osok nganyenyeri = kuku

110. Kuring mah kabedil langit
da puguh matak kalinglap = gelap

111. Kuring téh kamenyan konéng
rumaos kawiwirangan =

112. Kutu baju kuar sinjang
moal weléh tumarima = tuma

113. Lahang abri dibotolan
ningal anu suka galih = cuka

114. Laleur hideung panyeureudan
ngilari sakolong langit = reungit

115. Lampu leutik tengah imah
abdi samar méré idin = damar

116. Lamun kapalupuh nangtung
lamun jadi kapimilik = bilik

117. Lancah cai di walungan
engkang teu émut ka abdi = engkang-engkang

118. Langgir cai leumpang ngijing
kadeuleu kayap-keyepna = keuyeup

119. Lauk panjang dina parung
ari émut merod pikir = berod

120. Lauk rebing saba laut
karikari jalir jangji = pari

121. Manuk apung saba eurih
haté asa didudutan = dudut

122. Manuk hawuk beureum suku
katingal keur imut leutik = galatik

123. Manuk lindeuk di buruan
kuring bati panas ati = japati

124. Manuk lisung anu jalu
dagoan di pasampangan = jago

125. Manuk renggé saba ulam
hayang tepi ka ngajadi = caladi

126. Manuk tukung saba gunung
uyuhan daék ka abdi = puyuh

127. Maung tutul saba kasur
diri teu ngareunah cicing = ucing

128. Méga beureum surupna geus burit
ngalanglayun panas pipikiran = layung

129. Melak bangsal di kotakan
wayahna dék sabar diri = nebar

130. Mencek leutik saba alas
abdi daék ngaréncangan = peucang

131. Meri pendék ngojay hayam
henteu négtog pikir abdi = éntog

132. Monyét hideung sisi leuweung
susah nu taya tungtungna = lutung

133. Mun inget mangsi Malayu
anjeun téh cinta ka kuring = tinta

134. Mun jagan kadadar tipung
upami kagungan rabi = surabi

135. Nganyam bola jadi lawon
peupeujeuh kudu sing junun = ninun

136. Nu dahar taya sésana
ngan asa dipoyok badis = ledis

137. Nu gering geus rampus dahar
kuring mah mo payu deui = mamayu

138. Nu nutu miceun huutna
Mun awon moal ditampi = napi

139. Nya buah ngacung ka luhur
kuring mah sok panas ati = ganas

140. Nya hujan taya eureuna
abdi mah kalangkung ajrih = ngijih

141. Nyeupan sangu tacan timus
teu sanggup manggihan deui = gigih

142. Nyiar paré tutukeuran
teu pantes hayang ka abdi = nguyang

143. Nyiru gedé wadah bangsal
anjeun mah nsok sindir sampir = tampir

144. Nyiruan genténg cangkéngna
masing mindeng pulang anting =papanting

145. Pangcalikan tonggong kuda
kudu satia buméla = sela

146. Paparem ngawurah ketan
mokaha atuh da wargi = ragi

147. Paribasa petis Cina
hayang nepi ka cacapna = kécap

148. Péso pangot ninggang lontar
acan katuliskeun diri = nulis

149. Péso patok kewung tungtung
hayang kapiajang teuing = rejang

150. Péso raut Cibarusa
sugan welas ka nu miskin = sekin

151. Pileuleuyan kebo gunung
ngadadak tineung nya pikir = badak

152. Piunjuk duméh rék wangsul
sanés abdi rék cilimit = pamit

153. Puguh mah ubar muriang
nu hina leuwih ti misti = Kina

154. Puter putih saba lembur
kuring seja béla pati = japati

155. Ranté ngait kana baju
Memang geus cumantél ati = cantél

156. Salendro di papanggungan
ngomong kalepasan teuing = koromong

Semoga bermanfaat.

Sumber : https://titiksenyap.wordpress.com/2011/11/06/wawangsalan/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar