Selasa, 08 Maret 2016

Paparikan jeung Rarakitan

 1.  Paparikan

  Paparikan nyaeta rakitan basa wangun ugeran anu ngabogaan cangkang jeung eusi. Unggal pada (bait) diwangun ku opat jajar. Dua jajar mimitina disebutna cangkang, dua jajar panungtungna disebut eusi. Dina unggal jajaran diwangun kudalapan engang (suku kata). Sora vokal dina tungtung ajaran kahiji kudu murwakanti atawa sarua jeung tungtung jajaran katilu.Titenan conto paparikan dihandap :
        
            Aya meri dina   rakit,
            boboko wadah bakatul.
            Lain nyeri ku panyakit,
            kabogoh direbut batur.

Ditilik tina eusina paparikan aya tilu rupa, aya nu eusina pepeling, silih asih jeung sesebred atawa banyol.Titenan conto paparikan sejenna, eusina pepeling jeung sesebred.

             Lauk emas nyuhun ganggeng,
             disamberan ku japati.
             Boga emas moal langgeng,
             teu cara boga pangarti.

             Cau naon cau naon,
             cau kulutuk dijuru.
             Bau naon bau naon,
             bau hitut nu dijuru.


2.    Rarakitan

   Rarakitan meh sarua jeung paparikan, bedana teh dina rarakitan mah kecap diawal jajaran sok dibalikeun deui. Ieu contona :

              Sing getol nginum jajamu,
              nu guna nguatkeun urat.
              Sing getol neangan elmu,
              nu guna dunya aherat.

Semoga bermanfaat.

Sumber : http://smpn1sdk94ani2013.blogspot.co.id/2013/03/paparikan-jeung-rarakitan.html?m=1

Tidak ada komentar:

Posting Komentar